1. Bismillah damel ngawitan
Mugi Gusti ngawidian
Nyarioskeun pangaturan
Damelanana pangeran
2. Pangeran nu langkung kersa
Sagala mani tiasa
Pepek eusi dunya rosa
Ana jleg jadi manusa
3. Manusa kersa yang widi
Muntang ka dat maha suci
Nyucruk lacak tapak tadi
Asal tina nur Ilahi
4. Nur cahya bakal manusa
Manusa mawadah rasa
Rasa ngarasa rumasa
Kersaning maha kawasa
5. Kersaning yang maha agung
Nur cahya netes ka indung
Teu matak ngajadi bingung
Sanajan beuteung melendung
6. Salapan bulan dikandung
Di garba indung nyalindung
Tiheula teu boga luhung
Sumawonna hirup linglung
7. Sabulan eukeur ngaherang
Kasorot cahya gumilang
Sateuacanna rumingkang
Teu keueungan teu hariwang
8. Dua bulan keur lumenggang
Teu acan keneh kasawang
Ngantosan hoyong anjaclang
Dunya nu bakal kosorang
9. Katilu bulan gumulung
Di lebet kandungan indung
Teu aya bae pangjurung
Pasrah ka nu Maha Agung
10. Ka opat bulan mangrupa
Tapi keukeuh teu ngarasa
Rasa ti indung ti bapa
Nu jadi panggeuing rasa
11. Lima bulan nembe usik
Sakedik demi sakedik
Raga nyawa bibirintik
Ngempel sautak saeutik
12. Genep bulan bade malik
Kantun ngantos ngoyong calik
Manawi bisa katungtik
Rasa hirup kapimilik
13. Tujuh bulan maju kolot
Tapi soca teu molotot
Leungeun tara cukat cokot
Sumawonna sosorongot
14. Kadalapan bulan ngora
Ka dunya tereh ngumbara
Jauhkeun rasa sangsara
Deukeutkeun rasa gumbira
15. Salapan sapuluh medal
Ngagoar orok katingal
Indung beurang gaduh akal
Kop nyokot kasur jeung bantal
16. Dirawu ku indung beurang
Ibu rama suka senang
Tatangga pada daratang
Rabul pada hoyong terang
17.
Hoyong terang ka putrana
Nu nembe lahir ka dunya
Euleuh ituh heunteu nyana
Mani bijil cahayana
18. Cahayana mani mancur
Mani guyur salelembur
Silih taros sareng batur
Hayu urang muji sukur
19. Muji sukur ka yang widi
Putrana mugi abadi
Sing tiasa mawa diri
Diri pangasih ti gusti
20. Gusti Allah sipat wenang
bral utun ngalanglang
ka alam dunya nu caang
masing jadi jalma senang
21. Sing senang utun ayeuna
Sing panjang punjung yuswana
Sing ageng dina milikna
Sing soleh utun manahna
22. Utun ku indung beurangna
Dijaga di dama-dama
Diurus siang wengina
Ku ibu sareng ku rama
23. Ibu rama muji nuhun
Salamet ayeuna utun
Katampi Gusti kasuhun
Ku indung beurang dilahun
24. Indung beurang mepelingan
Utun ulah kajongjonan
Dina alam pawenangan
Regepkeun badan sorangan
25. Regepkeun utun ayeuna
Kupangdangu duanana
Ulah sadangu-danguna
Mun lain danguenana
26. Pangdangu sareng socana
Soca ningal duanana
Ulah satingal-tingalna
Lain tingalieunana
27. Soca sareng pangambungna
Liang anu duanana
Ulah saangseu-angseuna
Mun lain angseunana
28. Pangambung sareng bahamna
Baham sareng pangucapna
Ulah saucap-ucapna
Mun lain ucapeunana
29. Pangusap sareng leungeunna
Mun leungeun bade nyokotna
Ulah sacokot-cokotna
Mun lain cokoteunana
30. Leungeun paranti nyokotna
Mun suku keur nincakna
Ulah satincak-tincakna
Mun lain tincakeunana
31. Nincak jalan nu sampurna
Dunya katut akheratna
Nyicingan rasa ni’matna
Supaya waras bandanna
32. Waras badan suci ati
Pikiran madep ka Gusti
Mugi sing jauh balai
Sing seueur utun rejeki
33 Ku tutun masing kaharti
Pepeling ibu paraji
Utun jaga kudu ngarti
Ulah hayang ku pamuji
34. Puji nuhun laksa keti
Pepeling ibu paraji
Sakitu oge kaharti
Manga urang ngahariji
35. Ngahiji kumpul baraya
Tuangeun tos sadia
Wayahna saaya-aya
Nyanggakeun manga sadaya
36. Sadaya para wargina
Barungah dina manahna
Ningal nu janten ibuna
Damang dina salirana
37. Mugi damang saterasna
Ulah aya kakirangna
Cicing dina gumbirana
Nu janten ibu ramana
38. Ibu rama muji sukur
Ka Gusti Allah nu ngatur
Ka para nabi nu mashur
Anu masihan pitutur
39. Pitutur para rosulna
Rawuh para sahabatna
Sinareng para walina
Katut para karuhunna
40. Ka karuhun sadayana
Neda jembar hampurana
Mugi nu janten putrana
Gusti nangtayunganana
41. Gusti nu langkung heman
Mugi sadaya sing iman
Nya netepan ka Islaman
42 Lenyepan mangga sadaya
Ambeh
teu pakia-kia
Sadaya
geuning baraya
Sauyunan
hirup mulya
43. Mulyana hirup didunya
Pek utun
jaga tatanya
Tatanyana
kudu enya
Bandanna
buru ditanya
44. Tanya atuh ku hatena
Asalna
urang ti mana
Mun
mulang bade kamana
Mun
caang tangtu sampurna
45. Sampurna dunya akherat
Disarengan
sareng salat
Ka ibu
ka rama ta’at
Pangdo’a
sepuh mangpa’at
46. Mangpa’at lahir jeung batin
Utun the
masih prihatin
Jaga
pikir masing tigin
Ka
Gusti Robul Alamin
Tidak ada komentar:
Posting Komentar